Hirup sèhat
SALSA NABILA
XII IPS 1
Hirup di Dunya teu puguh lamun urang teu sehat, nu langkung penting mah nyaéta kaséhatan diri urang sorangan. Keur naon seueur artos ogé, lamun ceunah awakna kirang sehat mah atanapi gégéringan baé, da moal bakal bisa kukumaha lamun gering mah, moal bisa sakola, barang gawé, jeung lian sajabana. Komo di jaman Corona kieu mah urang kudu ngajaga kasehatan.
Jadi, kumaha carana supaya urang sehat di jaman pandemi teh? Diantawisna nyaeta, istirahat anu cekap, rajin olah raga, sareng asupan gizi anu cekap tina kaemaman. Kenging hilap oge kudu sering ngawasuh panangan sareng nganggo masker. Nah, eta teh kalebet cara kanggo ngajagi kasehan diri urang di jaman pandemi. Teras, anu langkung penting nyaeta ulah loba teuing mikiran masalah dina kahirupan urang, sing émut da pangeran mah moal masihan cobaan diluar batas kamampuan urang.
Tah, ku kituna mangga urang jaga diri utamina dina kasehatan diri urang di jaman pandemi, kawit ti ayeuna. Mun saurna papatah mah saurna “Sadia payung sateuacan hujan” Eta nu langkung saé supados urang henteu kaduhung ahirna, da salaku manusa urang kudu silih ngingeutan, da jumeneng mah moal salamina.
Komentar
Posting Komentar