Pancakaki
SALSA NABILA XII IPS 1 SUNDA Pancakaki nyaéta hiji sistem nu ngagambarkeun hubungan kuluwarga . Bangsa-bangsa di dunya atawa nu basana béda bisa waé mibanda pola-pola nu ampir sarua. Upami kitu, narẢjamahkeun hiji istilah ka basa séjén minangka pagawéan nu teu susah. Ngan sakapeung, panarjamah héséeun narjamahkeun istilah-istilah pancakaki ti bangsa nu sistemna béda . Dina adat istiadat urang sunda, pancakaki téh mibanda dua harti. Kahiji, pancakaki téh hartina pernahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh. Upamana baé, kumaha pancakakina si Dadap ka si Waru, naha kaasup indung, bapa, nini, aki, paman, bibi, anak, incu, buyut. alo, suan, jsté. Kadua, pancakaki téh hartina mapay perenahna kabarayaan. Ka handap: anak: turunan kahiji incu: turunan kadua, anak ti anak buyut: turunan katilu, anak ti incu bao: turunan kaopat, anak ti buyut Ka luhur: bapa: kolot lalaki indung: kolot awéwé aki: kolotna lalaki ti ...